Rabu, 30 Oktober 2013

GUNUNG CEREME JAWA BARAT


Gunung Ceremé

 

Gunung Ceremé atawa mangrupakeun stratovulkano nu simetris nu aya di Jawa Kulon, Indonésia. Kawah Geger Halang nu legana 4.5 - 5 km aya di punclutna. Ngabeledugna gunung ieu relatif teu tangtu sapanjang sajarahna, tapi aktifitas bitu jeung kaluarna lahar tina punclutna mah geus karekam.[1] Ieu gunung kawengku ku tilu kabupatén: Kuningan, Cirebon, jeung Majalengka

Kaayaan alam

Gunung Ceremé mangrupakeun gunung api soliter, dipisahkeun ku Zona Sesar Cilacap-Kuningan ti jumplukan gunungapi Jawa Kulon bagian wétan (nyaéta: G. Galunggung. Guntur, Patuha, Papandayan sarta Tangkubanparahu) anu perenahna dina Zona Bandung. Pulo Jawa nyaéta bagian ti Paparan-Sunda anu kaasup kana Lempeng Asia-Eropa. Kerak samudra anu ngadadasaran Samudra Hindia (bagian ti Indian-australiaan Place) dina kaayaan usik nyogok kana hiji Benioff Zone di sapanjang tepi kidul Lempeng Asian-eropa. Generasi magma anu umumna boga komposisi tengahan sarta berasosiasi jeung nyogokna ieu, nyieun Busur volkano-plutonik Jawa Tersier-resen.
G. Cereme (3076 m dpl) ngajungkiring di antara dayeuh Cirebon, Kuningan sarta Majalengka, nyieun congcot di sisi palebah kalér sésa Kaldera Gegerhalang (anu ukuranana 4,5 x 5 km). G. Cereme miboga kawah dobel (kulon jeung wétan). Kawah kulon radiusna 400 m kapotong kawah wétan anu radiusna 600 m sarta jerona 250 m. Dina jangkungna 2900 m di lamping kidul aya urut titik bituna (l.k. 30 m2 ) nyaéta Guawalet. Pola walungan umumna radial, di sawatara lokasi aya nu mahiwal alatan pangaruh sesar, béda litologi sarta umur. Jauh ti kawah, karapetan walungan beuki ningkat.
Ringkeasan hijian geomorfologi wewengkon ieu téh kieu:(1) dataran aluvial, (2) congcot cinder kalawan aliran lava, (3) congcot jeung aliran lava, (4) kawah aktip kalawan sollfatara/fumarola, (5) fluviovolkanik lapang lahar, (6) congcot gunungapi strato, (7) lava dina lamping gunungapi, sarta (8) aliran piroklastik sarta guguran volkanik dina lamping, (kabéhanana hasil prosés gunungapi Holosen), (9) kipas aliran piro

 

Tidak ada komentar:

Posting Komentar